Jumat, 20 Maret 2020

RINEKA BUDAYA SUNDA

Pangajaran 5 
karawitan Sekar
A. Pintonan Sekar

          Kalolobaanana seni pintonan karawitan teu leupas tina sekar. Loba sesebutan sekar anu ku hidep geus kapanggih dina pangajaran seni karawitan. Upamana waé sekaran, sekar irama merdika, sekar tandak, juru sekar, anggana sekar, jeung rampak sekar. Ku kituna teu anéh mun juru sekar leuwih onjoy tibatan pamaén lianna. Dina pintonan seni karawitan juru sekar jadi daya tarik tur jadi puseur perhatian panongton. Nu diperhatikeun lain waé lagu katut sorana, tapi dangdanan jeung réngkakna di panggung.

Wangun pintonan sekar dina karawitan Sunda, dibagi opat, nyaéta: anggana sekar, rampak sekar, sekar catur, jeung drama swara. Anggana sekar nyaéta midangkeun lagu ku sorangan rampak sekar nyaéta midangkeun lagu ku leuwih ti tiluan, sekar catur nyaéta midangkeun lagu ku duaan (lalaki jeung awéwé), jeung drama swara nyaéta midangkeun lagu ku lobaan mah bari mawakeun hiji carita. Tapi, anu rék diguar dina pangajaran ayeuna mah nyaéta ngeunaan anggana sekar jeung rampak sekar wungkul.
 

B. Anggana Sekar
Sesebutan keur nu midangkeun lagu ku sorangan téh rupa-rupa. Di antarana juru tembang atawa juru mamaos pikeun pidangan tembang Sunda, sindén atawa juru kawih dina pintonan seni gamelan saperti kiliningan, jaipongan, jeung wayang golek. Ari dina pintonan bangréng jeung ketuk tilu mah juru sekar téh disebutna ronggéng. Sesebutan nu ditataan bieu umumna digunakeun keur penyanyi awéwé dina pidangan anggana sekar. Keur lalaki mah umumna cukup ku sesebutan juru sekar wé. Iwal dina pintonan wayang golék jeung kiliningan, sok disebut juru alok atawa wira swara.


Lalaguan klasik buhun lolobana dipidangkeun ku anggana sekar. Onjoyna anggana sekar, ngawihna atawa nembangna laluasa. Bisa mapaés sora ku sénggol jeung reureueus saalus-alusna. Tapi teu ngarobah lagu pokona tur impropisasina teu kaleuleuwihi.
Lagu anggana sekar, di antarana pupuh, tembang Sunda, degung, kacapian, celempungan, jeung calung. Eusi rumpaka lagu anggana sekar lolobana nu sipatna pribadi, saperti katunggaraan, kasedih, lalakon hirup, jeung réa-réa deui.
Tatacara nyora jeung midangkeun anggana sekar kungsi kasabit dina pangajaran nu geus kaliwat. Ngeunaan kumaha cara ngatur tanaga, ngatur napas, jeung sikep nyora, apan hidep geus pada apal.

Pancén 1

Eusian titik-titikna ku kecap nu luyu sangkan jadi kalimah nu bener!
1.         Kalolobaanana seni pintonan karawitan teu leupas tina . . .
2.         Dina pintonan seni karawitan juru sekar jadi daya tarik tur jadi perhatian panongton . . .
3.         Nu diperhatikeun lain waé ... katut sorana, tapi dangdanan jeung réngkakna di panggung.
4.         Anggana sekar téh nyaéta midangkeun lagu ku . . .
5.         Rampak sekar téh nyaéta midangkeun lagu ku . . .
6.         Sekar catur sesebutan midangkeun lagu ku . . .
7.         Dina pintonan bangréng jeung ketuk tilu juru sekar téh disebutna . . .
8.         Keur lalaki mah umumna cukup ku sesebutan . . .
9.         Iwal, dina pintonan ... jeung kiliningan sok disebut juru alok atawa wira swara.
10.    Onjoyna ... , ngawihna atawa nembangna laluas


Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Virus Corona: Penyebab, Cara Pencegahan dan Dampaknya Pada Ekonomi Global

 – Pada akhir tahun 2019 kemarin, dunia telah dihebohkan oleh COVID-19 atau yang dikenal sebagai wabah virus corona. Virus ini pertama k...